Blogroll

Thursday, 7 March 2013

MITEMBEYAN


Narasumber: Aki Andi

Rizal       : “Assalamualaikum!”
Pa Andi  : “Waalaikumsalam! Euleuh, jang Ijal. Sok kalebet!”
Rizal       : “Hatur nuhun, Pa! Pamugi kasumpingan abdi téh ngawagel waktos bapa atanapi henteu?”
Pa Andi  : “Henteu atuh, Jang. Nya badé aya naon kitu?”
Rizal      : “Panginten, hapunten heula ti payun, maksad kasumpingan abdi ka dieu téh, sabab ti sakola aya  tugas pikeun ngawawancara ngeunaan kabudayaan anu aya di ieu lembur.”
Pa Andi  : “Teras?”
Rizal       : “Nya, kersa henteu pami bapa diwawancara ku abdi?”
Pa Andi  : “Mangga, wé.”
Rizal      : “Hatur nuhun, Pa. panginten téma anu baris diwawancarakeun téh nyaéta ngeunaan mitembeyan.  Kumaha?”
Pa Andi  : “O..muhun-muhun.”
Rizal       : “Dikawitan baé atuh, Pa!”
Pa Andi  : “Mangga.”
Rizal       : “Pa, ari anu disebat mitembeyan téh naon?”
Pa Andi  : “Mitembeyan téh hiji ritual atawa upacara pikeun muka hiji pagawéan.”
Rizal       : “Dina naon baé biasa dilaksanakeunana?”
Pa Andi :  “Mitembeyan khususna dilaksanakeun dina tatanén saperti rék tanur, tebar, panén jeung    sajabana.”
Rizal       : “Naha jampé anu dianggona béda-béda atanapi henteu?”
Pa Andi  : “Beda, anu dibacakeunana memang béda laku béda jampé.”
Rizal       : “Ti saha bapa kénging kapercayaan sapertos kitu?”
Pa Andi  : “Ieu kabiasaan turun tumurun ti kulawarga bapa, mémang sainget bapa ogé ieu kabiasaan téh tos aya.”
Rizal       : “Pa! Kanggo naon kagunaan mitembeyan téh?”
Pa Andi : “Ari ceuk béja mah sangkan pare anu dipelakun téh dijaga tina hama-hama sawah lamun mitembeyan tanur, lamun mitembeyan panén kagunaanana sangkan hasilna beuner tur untung.
Rizal       : “Pa! Kumaha upami mah ieu mitembeyan téh dilanggar?”
Pa Andi  : “Nya teu nanaon keur anu teu percaya mah, tapi keur anu percaya ulah tepika teu dilaksanakeun, sabab keur anu percaya mah mémang tatanéna sok ruksak ku hama lamun teu dipitembiyan téh.”
Rizal       : “Pa! Naha ukur dina melak paré wungkul dilaksanakeunana mitembiyan téh?”
Pa Andi  : “Ari bapa mah dina tatanén pare wungkul, tapi sepuh bapamah dina melak jagong atawa panéna ogé osok.
Rizal       : “Ari bahana naon baé anu sok dianggo dina mitembeyan téh?
Pa Andi  : “Loba pisan. Contona apu, gamir, seureuh, bako,pahpirna, rujakeun sarta menyan.”
Rizal       : “Ari carana kumaha?”
Pa Andi  : “Carana, saméméh rék ngala atawa melak éta parawanten dibawa ka sawah pang tongohna terus dibeuleuman menyan.”
Rizal       : “Pa! Naha bapa terang asal muasal ieu kabiasaan téh?”
Pa Andi  : “Henteu,duka tina agama Hindu duka ti agama Islam. Ngalaksanakeun téh pédah dicontoan wé ku kolot apa.”
Rizal       : “O..muhun. Sakitu baé, Pa! Hatur nuhun. Pa!
Pa Andi  : “Atos?”
Rizal       : “Muhun, Pa! Hatur nuhun pisan, Pa.”
Pa Andi  : “Muhun. Sawangsulna. Tong isin-isin pami éta téh.”
Rizal       : “Muhun, Pa. Badé mulih heula atuh, Pa!”
Pa Andi  : “Naha atuh jang mani énggal-énggal teuing.”
Rizal       : “Henteu, Pa. Ieu parantos sonten”
Pa Andi  : “Muhun atuh. Punten wé, Jang teu disuguhan nanaon.”
Rizal       : “Hatur nuhun, Pa. Cekap. Punten wé parantos ngawagel waktosna.”
Pa Andi  : “Henteu, Jang.”
Rizal       : “Mangga atuh, Pa. Assalamualaikum.”
Pa Andi  : “Waalaikumsalam.”
Post a Comment